Kawih Pilihan Terbaik Mang Koko Koswara |DEAS SUNDA|

Поделиться
HTML-код
  • Опубликовано: 8 сен 2024
  • Inilah Kawih-Kawih Pilihan Terbaik Mang Koko Koswara yang bisa teman-teman dengarkan dan nikmati, diantaranya Kawih Malati di Gunung Guntur, Kawih Longkéwang, Kawih Kuring Leungiteun dan Kawih Dina Jandéla.
    Selamat mendengarkan dan menikmati, semoga video ini bermanfaat. Apabila teman-teman suka videonya, jangan lupa untuk LIKE dan SUBSCRIBE videonya yah!!! Sekian Terimakasih.......
    MALATI DI GUNUNG GUNTUR
    Melati di Gunung Guntur
    Seungitna sungkeman ati
    Bodas sésétraning rasa
    Jadina dina mumunggang
    Leuweung larangan
    Malati di Gunung Guntur
    Hanjakal henteu dipetik
    Béja geus aya nu boga
    Ngahaja melak didinya
    Para guriang
    Ayeuna kuring geus jauh
    Malati sosoca gunung
    Boa geus aya nu metik
    Duka ku saha
    Kamari jol aya béja
    Malati ratna mumunggang
    Majar can aya nu metik
    Duka kunaon
    Malati di Gunung Guntur
    Ligar dina panineungan, na panineungan
    Na saha nu baris metik
    Kuring mah da puguh jauh
    Biheung kadongkang
    LONGKÉWANG
    Baheula mun pareng nganjang
    Suguhna imut nyi lanjang
    Asih nu nganteur harepan
    Pasini na kasadrahan.
    Mmmh, deudeuh teuing
    Na peuting héab naraka
    Aya nyawa milar raga
    Bébéné mulang ti heula
    Bébéné mulang ti heula.
    Mmmh, deudeuh teuing
    Na peuting hujan cimata
    Aya waruga palastra
    Jajaka raheut haténa
    Jajaka raheut haténa.
    Ayeuna mun pareng nganjang
    Nu témbong ukur kalangkang
    Mega mendung na jajantung
    Lagu liwung na bangbarung.
    ...Lagu liwung na bangbarung.
    KURING LEUNGITEUN
    Leungiteun kuring leungiteun
    Dikamanakeun ieu dikamanakeun
    Genclang herang
    Cikahuripan di leuwi Sipatahunan
    Diréka na papantunan
    Kiwari ngan kari ngaran
    Leungiteun kuring leungiteun
    Dikamanakeun ieu dikamanakeun
    Dongéng éndah
    Katumbiri tarajé langit nu asri
    Widadari turun mandi
    Lumungsur ti kahyangan
    Gusti rumasa diri gagabah
    Ngagadabah alam éndah kagungan Gusti
    Gusti kiwari gunung bulistir
    Nu tinggal caah jeung banjir
    Ampun Gusti ampun
    DINA JANDÉLA
    Tina jandéla urang silih gupayan
    lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub
    tara nu nyora simpé henteu nyarita
    ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan
    Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi
    gambar lamunan naon geuning nu teu katepi.
    lir nu disirep, lir nu disirep
    geter katineung reureuh geuning, rep, rerep
    Tina jandéla urang silih kiceupan
    imut kareueut raga katresnaan padeukeut
    langit keur lenglang jauh tina kamelang
    urang jadikeun galeuh pasini lawungkeun
    #kawihsundamangkoko
    #albumterbaikkawihmangkoko
    #kawihpilihanterbaikmangkoko
    #kawihmangkokopengantartidur
    #kawihmangkokosunda
    #kawihmangkoko
    #kawihsundaciptaanmangkoko
    #kawihsundabuhun
    #kawihmalatidigunungguntur
    #kawihlongkéwang
    #kawihkuringleungiteun
    #kawihdinajandela
    #kawihsunda
    #kawihpasundan
    #kawihsundabuhun
    #kawihsundasedih
    #kawihsundapengantartidur
    #deassunda

Комментарии • 73

  • @muhidredjo
    @muhidredjo 21 день назад +2

    Allahumagfirlahu warhamhu waafihi wa,fu anhu … alfatihah..🤲🏻🤲🏻🤲🏻
    ,

    • @deassunda
      @deassunda  21 день назад

      Aamiin.. Alfatihah. Htr nuhun piduana kang

  • @tatangmasud2112
    @tatangmasud2112 27 дней назад +2

    Alfatihhah kanggo almarhum mg koko.. Alfatihah...

    • @deassunda
      @deassunda  26 дней назад

      Alfatihah..... Htr nuhun Kang piduana

  • @AdiRusyana
    @AdiRusyana 12 дней назад +1

    Asa waraas pisan nguping lagu lagu pilihan terbaik karya mang koko koswara mdh2an alm ditempatkeun ditempat anu mulya mungguh alloh swt amin yarobbal alamin ❤😂❤ 5:56 😊

    • @deassunda
      @deassunda  12 дней назад

      Aamiin ya Alloh. Hatur nuhun kang piduana..

  • @emansutrisna3526
    @emansutrisna3526 23 дня назад +1

    mugia almarhumah mang koko dipaparin kanikmatan di alam pakuburannana. al fatihah.......

    • @deassunda
      @deassunda  22 дня назад

      Aamiin ya Alloh. Htr nuhun piduana kang

  • @Abdulah1964
    @Abdulah1964 3 месяца назад +4

    Mang Koko almh mugia ditampi iman islam na dan karya mg ttp abadi dan ttp dicintai generasi kedepan..dan mg Klwrganya ttp od dibrkahi Allh...

    • @deassunda
      @deassunda  3 месяца назад

      Aamiin ya Alloh. Hatur nuhun piduana kang

  • @sulaemancraft2862
    @sulaemancraft2862 25 дней назад +1

    Kacapi mawurken jayana Sunda tapak lacak ahli seni Sunda ngancikmoal pegat mugia baragja di alam kalanggenan

    • @deassunda
      @deassunda  24 дня назад

      Aamiin.... Htr nhun Kang. Wilujeng ngdangukeun

  • @achmadkhusen6855
    @achmadkhusen6855 Месяц назад +1

    wara as pisaan emut katukang th 68 ,ibu Rama masih jumeneng ,

    • @deassunda
      @deassunda  Месяц назад

      Muhun kang. Waraas muhun. Wilujeng ngadangukeun kang

  • @DedeSamsudin-so4wb
    @DedeSamsudin-so4wb 2 месяца назад +2

    Kertamanah pangalengan hadir baraya ❤

    • @deassunda
      @deassunda  2 месяца назад

      Alhamdulillah. Wilujeng ngadangukeun kawih2na kang

  • @endangsuganda8386
    @endangsuganda8386 8 месяцев назад +1

    Ngalenyepan lagu2 mang Koko, bruh-breh lalakon kapungkur. Asa lebah dinya..harita..lagu eta teh di hariringkeun ku sorangan, mangsa angin werat maut kakangen ka dirina..teu karasa biwir engab sorangan : "keur anjeun ieu lagu teh,enung.." gurilap,keclak cipanon murag sagede girimis.
    Ti pandeglang banten

    • @deassunda
      @deassunda  8 месяцев назад +1

      Katawisna mah seueur kenangan muhun Kang?

    • @endangsuganda8386
      @endangsuganda8386 8 месяцев назад +3

      Sesah ngabasakeunana luhungna lagu2 mang Koko mah. Asa moal aya gentosna..leres..lagu sunda teh seueur, nanging nu mang Koko mah wandana, laguna, rumpakana.. asa filosofis pisan.. duka kitu ge, eta mah saur sim kuring weh nu awam

    • @deassunda
      @deassunda  8 месяцев назад +1

      Leres pisan kang

  • @ajatchandra6713
    @ajatchandra6713 2 месяца назад +2

    Wararaas...
    👍👍🙏🙏🙏

    • @deassunda
      @deassunda  2 месяца назад +1

      Muhun kang, meni waraas duh

  • @user-kf5uu3tg4h
    @user-kf5uu3tg4h Год назад +2

    Di pangumbaraan nguping lagu 2 mang koko mani raraosan teh kumejot hoyong mulang asa jaratauh panineungan

    • @deassunda
      @deassunda  Год назад +1

      Muhun teh, asa waraas muhun ngadangkeun kawih2 mang koko mah

  • @tutisuryati4145
    @tutisuryati4145 Год назад +3

    Dina jandela dihariringkeun ku sim kuring dina taun 1970. Duh, waas pisan. 😢

    • @deassunda
      @deassunda  Год назад +1

      Asa waraas muhun teh... Wilujeng ngadangukeun kawih2 Mang koko teh

    • @mangguruary5785
      @mangguruary5785 Год назад +1

      Hariringna kanggo saha bu.... kanggo anjeuna nya
      Th 1970 abdi kls 3 SPG... Kuningan, duh meni waas.... Sami sareng sim kuring.... hapunten ieu mah emut ka zaman sskola.

    • @yetinuryati774
      @yetinuryati774 3 месяца назад +1

      Pas sami pisan sim kuring oge nuju SPG kelas 3 di Tasikmalaya sareng pa Hapid Haryanto alrm duh waas kagagas.

  • @HAMIMSPd.
    @HAMIMSPd. 8 месяцев назад +2

    Pantura hadir .seleramah priangan maklum generasi 80 an

    • @deassunda
      @deassunda  8 месяцев назад

      Alhamdulillah pantura hadir, wilujeng ngadangukeun kang

  • @entinsuhartini7773
    @entinsuhartini7773 Год назад +2

    Ya Alloh rumpaka na mani hese di tiru ku lagu lagu jaman ayeuna mani nyerep kana hate emut kapungkur abdi masih yuswa 6 taun sok nguping dina radio

    • @deassunda
      @deassunda  Год назад

      Leres pisan bu, rumpaka2 kawih mang koko mah mani nyerep pisan kana hate. Jnten waraas muhun bu

  • @ddgem3976
    @ddgem3976 Год назад +2

    kawih kawih mang koko mah memang raoseun

    • @deassunda
      @deassunda  Год назад

      Tangtos pisan kang, karya2 mang koko mah luar biasa...

  • @dodiekapermana2350
    @dodiekapermana2350 Год назад +2

    Ķacida pisan lamun urang sunda teu ngamumule kawih sundah teh

    • @deassunda
      @deassunda  Год назад +1

      Leres kang, lamun sanes ku urang sadaya, ku saha deui muhun kang.

  • @tinikustini9386
    @tinikustini9386 Год назад +1

    Rancaekek hadir. Aduh meni raoseun pisan, nuju nyantai ngupingkeun lagu sunda meni tiis ceuli herang panon.

    • @deassunda
      @deassunda  Год назад +1

      Leres pisan teh, komo upmi sambil dikopian teh

  • @aseprahmat9022
    @aseprahmat9022 11 месяцев назад +1

    Genah merenah turmaninah matak simpe kana hate nguping kawih ci anjuran..
    Mang kade jaga riksa seni sunda ulah ka silih ku junti

    • @deassunda
      @deassunda  11 месяцев назад

      Satuju Kang....

  • @user-vk5xw3xn6d
    @user-vk5xw3xn6d 11 месяцев назад +1

    Tangerang hadir. Meni waas lah, inget keur ngora.

    • @deassunda
      @deassunda  11 месяцев назад

      Htr nuhun Kang tos hadir....

  • @AKartoma-te5dh
    @AKartoma-te5dh 4 месяца назад +1

    Waraas ..lagu Sunda Buhun enak dengernya .

    • @deassunda
      @deassunda  4 месяца назад

      Alhamdulillah. Mudah2n terhibur yah

  • @rafis4905
    @rafis4905 Год назад +1

    Matak cing seredet kanu manah,, hatur nuhun mang koko🙏🙏🙏

    • @deassunda
      @deassunda  Год назад

      Muhun kang, mtak nyeredet pisan kana manah kawih2 mang koko mah

  • @dedisuwandi5153
    @dedisuwandi5153 9 месяцев назад +2

    Emut waktos th 70han

    • @deassunda
      @deassunda  9 месяцев назад

      Muhun Kang, wilujeng ngadangukeun

  • @lawesamagaha7105
    @lawesamagaha7105 2 месяца назад +1

    Al.Fateha...abah. Koko 🙏

  • @AjengSuci-mj5rg
    @AjengSuci-mj5rg Год назад +1

    Waas asa jaman 60 an

    • @deassunda
      @deassunda  Год назад

      Muhun nya teh, asa waraas

  • @aimimin5014
    @aimimin5014 Год назад +1

    Waraas raraosan teh mani asa ti belat emut ka jaman kapungkur nuju araya keneh sepuh

    • @deassunda
      @deassunda  Год назад

      Muhun teh leres pisan, upmi ngupingkeun kawih2 mang koko teh meni waraas

    • @user-fh2qc5mk2g
      @user-fh2qc5mk2g 10 месяцев назад +1

      Maja lengka hadir...
      Sok asa kagagas upami ngupingkeun kawih2 karya mg koko teh. PUITIS jg MENDALAM.

    • @deassunda
      @deassunda  10 месяцев назад

      Hatur nuhun ti Majalengka tos kersa sumping

  • @eemsukirman
    @eemsukirman Год назад +1

    Nyerep kana ati......lain sakadar lagu.

    • @deassunda
      @deassunda  Год назад

      Leres teh... Mugia tiasa kahibur teh....

  • @babansobana9693
    @babansobana9693 Год назад +1

    Waraas nyoreang ka tukang.

  • @iinsuarsih3992
    @iinsuarsih3992 Год назад +1

    Komo kawih Kalakay Gupay mh ! 😭😭😭

    • @deassunda
      @deassunda  Год назад

      Muhun leres teh, raoseun muhun teh kawih2 Mang Koko mah?

  • @atengsujana3496
    @atengsujana3496 Год назад

    Janten emut ka sepuh nu tos teu aya. Alfatihah...

    • @deassunda
      @deassunda  Год назад

      Mugi alm sareng almh ditampi iman islamna, dihapunten tina samudaya kalepatan, sreng dicaangkeun di alam kuburna. Aamiin

    • @atengsujana3496
      @atengsujana3496 Год назад +1

      @@deassunda Aamiin

  • @lilisdindin1544
    @lilisdindin1544 2 месяца назад +1

    😢

  • @ujanghusein3978
    @ujanghusein3978 Год назад

    Ligar Dina panineungan😢

  • @ericklucky6318
    @ericklucky6318 Год назад

  • @rafis4905
    @rafis4905 Год назад +1

    Matak cing seredet kanu manah,, hatur nuhun mang koko🙏🙏🙏

    • @deassunda
      @deassunda  8 месяцев назад

      Leres pisan Kang. Matak cing seredet muhun. Alfatihahna kanggo Alm Mang Koko