MAMA CIKUNGKURAK (EYANG ZAENAL ALIM RA) bin Eyang Pasantren Cigondewah Bin Eyang Agung Mahmud

Поделиться
HTML-код
  • Опубликовано: 5 окт 2024
  • Makam Mama Cikungkurak
    jl.Caringin Pasar Induk Bandung
    Manakib Mama Cikungkurak (Éyang Zaénal ‘Alim RA)
    Alam dunya mah pikeun Para Wali mah teu gedé jeung teu maké jauh, sapertos kagambarkeun dina manakib Mama Cikungkurak ieu.
    Mama Cikungkurak téh salah sawios rakana Eyang Perbu Cigondéwah RA. Ari Mama Réndé téh muridna Eyang Perbu.
    Aya salah sawios muridna anu ngadongéngkeun basa kapungkur waktos di Mekah bojona nuju kakandungan. Teras bojona dikolinganku nu janten carogéna, maksadna hoyong apal kana karamat anu janten Guruna. Padahal, harita aranjeunna nuju di Rabigh, antara Mekah sareng Madinah, nuju dina tenda.
    Carogéna nyarios, “Nyi, pan nyai téh keur nyiram. Akang téh hayang apal karamat nu jadi Guru. Nyai api-api ceurik hayang jéngkol, pan di lembur di Cikungkurak téh aya tangkal jéngkol di pipireun imah.” Waktos harita nyarios ieu, Mama Cikungkurak teu acan sumping ka ténda.
    Teras ceurik wéh nu janten bojona éta murid téh, ngahaja. Teras ditaros ku Ama, “Kunaon?”
    “Ieu, cenah Ama, palay jéngkol. Nuju nyiram, pun bojo.”
    Diwaler ku Ama, “Ah, sia mah! Na, di mana aya tangkal jéngkol di Mekah?”
    “Aya cenah, kulan, di lembur di pipiren bumi.”
    Saur Ama, “Atuh saha pijelemaeunana nu mawana?”
    “Aya cenah, kulan.”
    “Nya saha?”
    “Sumuhun, Ama wé, kulan.”
    “Ah, sia mah kana lelebokeun téh!”
    Nangis wéh bojona téh. Teu téga ningali muridna, lajeng Ama sasauran, “Di mana tangkalna?”
    “Di pipir, kulan, payunen bumi.”
    “Heueuh, dagoan atuh!”
    Lajeng Ama kaluar tenda. Kadangu, cenah, ti lebet ténda ngabeletokna tangkal jéngkol waktos harita. Lajeng Ama mulih teu lami ti sabat kaluar bari tos nyandak jéngkol satangkai, bari nyarios, “Tah lebok!”
    Ari saur muridna, “Atuh Ama, kirang sakieu mah. Padahal mah aya di kebon, caket kandang munding, bari éta mah parantos beuneur. Ari kanggo abdi mana? Da sami abdi gé palay, kulan.”
    “Ah, sia mah kana lelebokeun teh!”
    Lajeng Ama kaluar deui. Éta, saurna, kadangu ngaborobotna tangkal jengkol sadahan. Ari dahanna téh saageung pingping. Dugi kana kenténg anu maruraganana ogé. Kadangu kitu ti lebet ténda téh. Dugi ka pinuh éta ténda ku dahan jéngkol jeung jéngkolna.
    “Tah, kop lebok siah! Tapi, jangji, ka kami! Ku kami disumpah, ulah waka dibéjakeun mun kami can paéh!”
    Diwaler ku muridna, “Sumuhun mangga, kulan.”
    Muridna panasaran. Uih ti Mekah hayang apal naha enya éta jéngkol téh nu manéhna atawa lain. Singget carios, muridna téh mulih ka lembur. Teras naroskeun kajantenan éta ka putrana.
    “Kieu, Jang, sugan aya kajadian salila Bapa keur di Mekah? Cik, aya kajadian naon?”
    “Alah, Bapa! Minggu anu, poe anu, jam saanu, aya bangsat jéngkol! Kieu, Bapa. Abdi téh keur ngariung di tengah bumi, lobaan. Kadangu ngabeletok, sora dahan potong. Da keur hujan harita téh. Ari ditingal, dahanna geus potong, tapi euweuh tapak suku-sukuna acan. Kalebet deui wéh abdi téh. Na, ari teu kungsi lila, borobot téh! Tangkal jéngkol nu deukeut kandang munding ngaborobot! Diudag éta bangsat ku saréréa weléh teu benang. Ku jagona éta bangsat, euweuh tapak suku-sukuna acan. Nyaan, hébat éta bangsat!”
    Ari ramana gumujeng bari nyarios dina atina, “Nya, heueuh, moal beunang da bangsatna gé pangkat Ama Cikungkurak!”
    Tah, sakitu. Muga-muga aya mangpaatna kanggé nu ngaos ieu manakib Wali anu ahéng. Hapunten pribados tina kabodoanana, da sanés ahlina nguningakeun Manakib Para Wali.
    Sumber: Abuya KH. Muhammad Muhyiddin A.Q.A.
    #sejarah #religious #waliallah #agamis #wali #sejarahulamanusantara #sejarahislam #ulamabandung#ulamaindonesia #ulamasunda

Комментарии •