Tembang dan Kacapi Suling - Cicih Cangkurileung Karumaosan

Поделиться
HTML-код
  • Опубликовано: 14 окт 2024
  • (Panggeuing Diri)
    KARUMAOSAN
    Bismillah … Tuturus laku
    Muru gapura rahayu. Banjaran jatining bagja.
    Titip tujurus saestu tetep galeuh lelembutan.
    Nyinglar setan, ngusir iblis ti palasetra ning rasa.
    Dipamrih sucining ati neraan ucap jeung lampah.
    Mangsana nyembah pangabakti ka Gusti nu Maha Suci
    Dina papantunan hirup.
    Manut lampahing ibadah sumembah ka nu Kawasa
    Nabi Muhammad utusanaNa.
    Rembesing Qur’an jeung Sunnah nu ngancik na sanubari
    Urang the asal ti Gusti. Musrik nyingkir, bid’ah nyingkah
    nu tinggal iman jeung taat, gumiwang ngagenlcang herang
    ngenclongna herang dumeling marengan keteg na angen.
    Mangsa ngambah jalan takwa.
    Rek mulang ka nu Kagungan, kakasih anu Sajati
    Ka Anjeunna urang mulang.
    Reug heula, reureuh sakeudeung.
    Tanya heula eta rasa. Talek heula eta hate.
    Dimana ayeuna ngancik.
    Rek kamana urang mulang. Mawa naon geusan balik.
    Sina oyag eta letah ku istigfar anu enya.
    Cisoca rasa rumasa
    Duh Gusti nu Maha Heman, mung ka Gusti abdi nyembah.
    Ka Gusti nya abdi muntang ieu paneda, ku Gusti disubadanan.
    Neda dijaring diaping. Muga dihampura dosa. Rumaos abdi rumaos.
    Rumaos diri the rujit. Tobat moal deui-deui. Abdi sadarah bade pasrah.
    Nyanggakeun badan sakujur.
    Duh Gusti abdi teh tobat ka pangkon ampunan Gusti
    Geus cekas rasa rumasa.
    Hate sering diweweleh. Badan mindeng dicarekah.
    Lampah goreng ebreh kabeh.
    Sing sariak kujur awak. Ranjug akar-akar buuk.
    Berebey cipanon kiceup.
    Brug nyuuh bari ngagukguk. Ngoceak jeroning rasa.
    Midangdam milangan dosa.
    Nyuluh menduh jero kalbu. Nyampai na dasaring rasa.
    Rumasa jeroning ati.
    Bedahna cimata tobat. Seubeuh ceurik baririhan.
    Mundung rasaning kaduhung.
    Ngabedah talaga rasa. Nu nyesa tinggal inghakna.
    Hate manteng ka nu Agung. Sanggeusna karasa anyar kedal ucap pinuh ikhlas
    Kabendung karumaosan.
    Bray soca lahir the beunta.
    Naliti badan sakujur. Sanubari setrasari.
    Naon keur panyinglar sedih abdi batin peurih. Tekadkeun ka nu Kawasa
    Agama tuduh nu mulya. Sing getol geulis kana ibadah.
    Lakonan waktu nu lima najan urang loba dosa, asal tobat anu enya.
    Tangtu Gusti … Ngahampura
    -----------------

Комментарии • 44