MAUNG SAJATI - ROCK MUSIC FROM VILLAGE
HTML-код
- Опубликовано: 9 фев 2025
- MAUNG SAJATI
Ku Oesep Kurniadi
Ulah reueus jadi teureuh Siliwangi
Mun tacan panceg dina adeg-adeg kukuh jangji
Tong adigung jadi sékésélér maung
Mun tacan tigin dina udagan manusa luhung
Maung mah tara bet sagawayah
Teuneung ludeung nyaho ka mana léngkah
Éstu nyorangan dina lumampah
Boga sihung lain jang nyieun salah
Prak ngagaur, gorowokeun bebeneran
Pék ngagerem, kerekeban kadoliman
Jung ngagajleng, kowétan kasarakahan
Prung padungdung, der tanjeurkeun kasundaan
Éta bukti titisan Siliwangi
Éta tanda getihna Pajajaran
Manusa luhung nu kukuh kana jangji
Nya sia “sirung” maung anu sajati
Semangat 👍👍👍👍 saeee pisaaan👍👍👍
Hatur nuhun.
Joossss👍👍
Hatur nuhun.
Mantap, ngandung harti pikeun pepeling
Pastina, Ki.
hade pisan "Baraya sakaruhun"
Hatur nuhun.
Terus berkarya,semangat terus knggo pasukan cimenga ngabuana
Hatur nuhun.
Mantapp,, salam rahayuu sakaruhun,,
Hatur nuhun.
Kelass bang🔥
Hatur nuhun.
Madeppp
Hatur nuhun.
Sae Lg karya anak bangsa bisa ngingetkeun kana sejarah pasundan (bineka tunggal ika)
Hatur nuhun.
Menyalaaa 🔥🔥🔥
Gaurkeun ....
Gas!